Jumat, 10 Agustus 2012

NATAMU, NAHA MAKE PUNTEN?


NATAMU, NAHA MAKE PUNTEN?
Kenging  Gandjar Sakri

            Urang Sunda, lamun natamu ngucapkeun: “Puuunteen”, dijawab ku anu boga imah: “Maaanggaa”. Kecap “punten” wancahan tina “hapunten”, menta dihampura/ maap. Jejegna kalimat “Abdi nyuhunkeun dihapunten”. Jawabna “Mangga/tangtos dihapunten”. Sepuh kapungkur oge lamun natamu nyuhunkeun dihapunten. Kecapna: “Sampurasuuun”. Kalimat jangkepna: “Hampura ingsun”. Anu hartina sarua bae “Abdi nyuhunkeun dihapunten”.  Jawabna “Rampes” anu hartina “Mangga” (meureun).

            Naha make nyuhunkeun dihapunten sagala?  Lantaran urang Sunda mah rumasaan tea, lamun natamu teh bakal ngaganggu anu boga imah. Kapan cenah, “tamu” atawa “tatamu” teh hartina “kudu ditata jeung dijamu”. Ditata  (tatakrama= sopan santun) hartina dihormat, dijamu hartina disuguhan. Jadi tatamu teh kudu dihormat jeung disuguhan, nyusahkeun.

            Lamun kitu, atuh urang “nyemah” bae entong natamu? Ih sarua bae, dulur. Lantaran ceuk  beja, istilah “semah” teh singketan tina “ngahesekeun nu boga imah”. Tetep nyusahkeun oge.

            Tapi, peupeujeuh, omat, ieu tulisan ulah dianggap  ngalarang atawa  aya  pamikiran yen natamu jeung nyemah teh henteu hade lantaran bakal ngaganggu anu boga imah. Ieu mah sakadar nyukcruk galur asal-usul kecap “punten” lamun natamu. Saenyana, natamu atawa nyemah teh hade pisan lamun dibarengan ku niat silaturrahim. Firman Allah SWT. “….. Dan bertaqwalah kepada Allah yang dengan (mempergunakan) nama-Nya kamu saling meminta satu sama lain dan peliharalah (hubungan) silaturrahim. ……” (QS.An Nisaa’, 4:1)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar